Isuk2 ieu Kamu Geulis2 Teuing


Kuring geus mandi, ih baju geus siap sasetel jeung calana.
Boga pamajikan meni rikat, sagala pangabutuh kuring siga na tinggal prak we make.
Siga taya kacape katinggalina teh.

Siap2 kuring dek indit ka pagawean nyamperkeun motor kadeudeuh si Chemonk alias Kawasaki Atlete hideung nu geus lila ngabaturan kuring ka ditu kadieu,
ah asa aya nu poho. Poho can neuteup raray pamajikan, asa beuki geulis wae pamajikan teh
“Yang, Kamu teh asa beuki herang wae ih”, kuring muji pamajikan. Kuring memang biasa nga Ayang keun ka pamajikan. (Tong sirik nya, palay turutan xixixi)
Kaciri soca na buleud meni beuki buleud..
“Si Aa, memang na kaca”, Imut manehna asa beuki lucu (Memangna Jojon xixixi),
Lucu jeung geulis we. Baju Gamis di kurudung Abu2 asa pas merenah na sakujur awak manehna.

Duka memang kuring nu geus bebeakan cinta ka pamajikan nu nyieun pamajikan jadi geulis wae atawa kusabab pamajikan kuring geulis, kuring jadi bebeakan cinta ka manehna. Tapi Insya Allah sigana na nu mimiti tah nu nerap ka kuring teh.

“A, Aa teurang tos sabaraha lami urang babarengan rumah tangga?”,Gebeg kaget pamajikan nanya model kitu.

Ngadadak lelembutan kuring kumalayang ka jaman baheula mangsa kuring datang ka kolotna di Ciamis di baturan Pak Ustad Odih waktu ngarapalan manehna, asa can lila we na implengan kuring mah.

“Ah, asa masih kamari Yang Aa ngarapalan ka Ciamis teh ka Si Apa menta Kamu jadi istri Aa teh “, Si Apa teh kolot manehna nu ayeuna jadi mitoha.
Manehna imut meni manis, siga na mun kuring beuki kopi mah teu kudu digulaan deui kopi teh cukup we ditambah imut manehna ge pasti nikmat eta kopi. Hanjakal kuring tara ngopi xixixi. Teu nyobat kopi jeung beuteung kuring mah.

“Tos sabelas taun A urang teh”, Pok manehna….

Beu geuning geus lumayan lila, enya baheula ngan duaan babarengan mapay2 laratan mangsa, ayeuna geus jadi geuneup ditambah barudak alatan buah kanyaah nu mangrupa pamageuh tali kadeudeuh.
Baheula duduaan nyicrik nyicrik tali wanci nu mustari, ayeuna geus aya dua jodo barudak nu nambah rame di palataran hate.

“Muhun, Yang”, kuring ngawaler. Na hate mah asa sajujurna kuring teu ngarti naon sababna pamajikan nanya kitu.
“Tos nya Aa angkat heula Assalamualikum Wr Wb”, celengok kuring nyium taar na…
“Wa alaikum Salam Wr Wb, ati2 di jalan A, tong sok ngebut”, Manehna ngawaler bari dibaturan ku imut nu matak mere sumanget kuring pikeun nganghareupan kahirupan.
Imut nu bisa nyieun hate tentrem
Imut nu mere kuring kakuatan
Imut nu nyieun kuring kumalayang di alam surga kahirupan.

Kuring nyetarter (bener teu nya basa na) si Chemonk, grung2 wes….

Hmmm Ngabayang raray manehna, bener meureun pamajikan teh di sebut belahan hati. Teu babarengan jeung maneh na asa aya satengah nyawa nu leungit…….

Ras jadi inget sabelas taun ka tukang, bener ari nu ngaran cinta mah jarak teh moal jadi hahalang,
Kuring di Bekasi, manehna di Ciamis teh asa deukeut we.
Jauh dijugjug anggang diteang teh lain bohong.
Mun ceuk lagu almarhum Detty Kurnia mah ibarat Mawar bodas, ngan Alhamdulillah ieu mah cai na herang lauk na beunang. Mawar bodas bisa ka petik sanajan tetep ari aral jeung hahalang aya wae.

Memang awal na kuring teh ka panah asmara ka tarik birahi ka maneh na teh ku ninggali rupa. Tapi sa jalan jeung nambahan umur ( angka na nu nambahan, umur mah ngurangan lain) kuring sadar kageulisan rupa pamajikan bakal luntur ku sagala pagawean rumah tangga jeung ririweuh lain na, ngamandian barudak, nyiapkeun sarapan nu gede nu dek sakola, ngasuh nu bungsu nu masih ogoan, nyiapkeun baju salaki jeung rupa2 nu lainna.
Tapi keur kuring manehna ayeuna asa leuwih geulis ti batan baheula. Komo isuk2 ieu mah kuring jadi sadar, sadar yen kuring teh lalaki pangbagjana sa dunya.
Memang ku sabab geulis kuring kabengbat asmara ku maneh na, bener eta teu salah.
Tapi aya nu paling bener kusabab kuring cinta mati (ceuk barudak ayeuna mah) ka maneh na, maneh na jadi beuki geulis. Kageulisan nu luntur ku umur, nu bakal beak ku zaman moal dek ngalunturkeun kacinta jeung kanyaah kuring ka manehna.


Kageulisan jeung kasegeran nu kalindih ku kacapean manehna, untungna ngadadak bisa dibalikeun mangsa kuring balik gawe ku imut nu ngadadak kaluar tina biwir ipis na.
Imut nu ngaleungitkeun kacape kuring di pagawean,
Imut nu ngadadak nyegerkeun awak jeung hate kuring.

Alhamdulillah geuning komo ayeuna kuring karek apal yen mun urang rumah tangga teh urang sarua jeung geus nyampurnakeun agama. Duh kanikmatan hirup teh beut bisa manglipat lipat kieu, subhanalloh.
Geus meunang pamajikan, ditambah deui mudah2an agama kuring bisa leuwih sampurna.
Dina hiji hadits Rasulullah SAW diriwayatkeun : “Mun aya jalma nu nikah, saestuna manehna geus nyampurnakeun satengah tina agama na. Ku sabab eta, sing takwa ka Allah keur nyampurnakeun sabagian nu lainna” (HR. Baihaqi - sanad hasan).

Ayang Aa, poe ieu Kamu geulis pisan, hampura Aa teu bisa ngabaturan Kamu. Nuhun Imut na sareng doa na nu mere kakuatan ka Aa pikeun nyanghareupan kahirupan ieu.
Nuhun geus janten jalan kanggo Aa neang kana Ridho Allah
Hampura Aa nun can bisa ngabagjakeun Kamu, Yang...

Istri Aa bebene hate, kadieu cakeut ka Aa, rencangan Aa dugi ka pati misahkeun urang

Nuhun Ya Allah tos masihan Belahan Jiwa nu nunjukeun kuring kana kahadean.
Nuhun Ya Allah kana sagala rahma
t nu ku kuring tarima.